Di wewengkon Garut aya situ anu ngaranna kawentar ka mana-mana, nyaéta Situ Bagendit. Cék sasakala mah, éta Situ Bagendit téh asal-muasalna kieu:
Baheula, aya hiji randa beunghar katelahna Nyi Endit. Ieu téh saenyana mah nénéhna, da ngaranna sajati mah Nyi Bagendit. Manéhna téh kacida pisan kumedna.
Geus taya nu bireuk deui kana kakumedanana téh. Salian ti pakacar-pakacarna mah, tara aya nu larsup ka imahna. Éstuning lain babasan éta mah hirup nyorangan téh. Ngahaja mencilkeun manéh, ngababakan di tengah pasawahan anu upluk-aplak. Maksudna taya lian, ku bawaning embung campur jeung batur, da sieun kasoro téa.
Kacaturkeun keur usum panén, di ditu di dieu ceuyah dibaruat. Ka sawah Nyi Endit ogé réa nu gacong. Ari réngsé dibuat jeung sanggeus paréna dikaleuitkeun, sakumaha tali paranti, Nyi Endit nyieun sidekah. Ngondang lebé jeung sawatara tatangga. Popolahna saniskara ku sorangan, teu aya nu ngabantuan. Barang geus tarapti, sakur nu mantuan ngakut tuluy diondang ngariung tumpeng. Atuh anu ngariung téh nepi ka ratusna. Tapi sadia tumpengna teu sabaraha, nepi ka ngan sakotéap gé geus bérés, bari tingkarétap kénéh.
Keur meujeuhna balakécrakan, solongkrong aya aki-aki bongkok nu nyampeurkeun. Ku pribumi teu ditari teu ditakon. Nya pok aki-aki téh waléh yén teu kawawa lapar, sugan aya sih piwelas. Ana gantawang téh Nyi Endit bet nyarékan, nyék-sék-nyéksékkeun, pajarkeun téh taya kaéra, teu ngahutang gawé, ménta bagian. Tungtungna nepi ka nundung, aki-aki dititah nyingkah. Cindekna mah geus lain picaritaeun wé.
Aki-aki indit bari jumarigjeug, bangun teu nangan. Méméh indit manéhna ngomong kieu, “Sagala gé boh ka nu hadé boh ka nu goréng, moal taya wawalesna.”
Ngomong kitu téh kasaksian ku sakur nu aya di dinya. Saréngséna nu dalahar tuluy amit rék baralik. Kakara gé patinglaléos, rug-reg ngarandeg, sabab aya nu tinggarero, “Caah! Caah!” cenah.
Henteu kanyahoan deui ti mana datangna cai, ngan leb wé pakarangan Nyi Endit téh geus kakeueum. Atuh kacida ributna, jalma-jalma geus teu inget ka diri batur, asal salamet dirina baé. Nyi Endit ogé nya kitu, niat rék nyingkiran cai, tapi barang kaluar pisan ti imahna, cai téh nepi ka lir ombak laut tinggaruling ka palebah Nyi Endit. Imahna terus kakeueum méh laput.
Nyi Endit angkleung-angkleungan, bari satungtung bisa mah teu weléh-weléh sasambat ménta tulung Tapi taya nu nulungan, da batur gé sarua ripuhna. Nyi Endit ngalelep. Beuki lila, cai téh beuki gedé baé. Nepi ka jadi situna, ngeueum sakabéh pakaya Nyi Bagendit.
GAGAK HAYANG KAPUJI
Aya gagak maling dengdeng ti pamoean. Geleber hiber bari ngaheumheum dengdeng tea kana tangkal dadap sisi lembur. Kabeneran harita katangeneun ku anjing nu kacida kabitaeunana da puguh kabeukina. Kusabab kitu, ku anjing disampeurkeun. Tapi sanggaus anjing aya dihandapeun, boro-boro ditanya teu direret-reret acan.
Anjing mikir piakaleun supaya dendeng tea kapimilik ku manehna. Sanggeus manggih anjing ngomong, Leuh aya manuk alus-alus teuing. Pamatukna panjang bulu hideung tapi mani lemes kitu. Manuk naon nya ngaranna? Kawasna mah moal aya tandingna dibandingkeun jeung cendrawasih ge moal eleh.”
Mimitina mah omongan anjing teh teu didenge . Tapi sanggeus aya omongan moal eleh ku cendrawasih, gagak atoheun pisan. Manehna kungsi beja yen cendrawasih teh manuk pang hadena. Tapi ceuk anjing manehna moal eleh”. Kitu nu matak manehna ngarasa ngeunah kupamuji anjing. Malah ceuk pikirna deui asa haying ngabagi dengdeng jeung anjing. Ngan kusabab hese meulahna kahayangna teu kalaksanakeun.
Anjing nempo beungeut gagak marahmay sanggeus dipuji ku manehna. Ceuk pikirna pasti usahana hasil. Ceuk pikirna deui naon hesena muji-muji keur ngahontal kahayangna.Kusabab kitu pok deui anjing,”Lamun daekeun mah haying nyobat jeung manuk nu sakitu lucuna. Ngan rumasa sorangan mah sato hina. Saumur-umur kudu ngadunungan, sare digolodog, rajeun manggih hakaneun oge pasesaan. Tapi najan teu bisa nyobat oge jeung manuk lucu, atuh ngadenge-ngadenge sorana. Meureun moal panasaran teuing!”.
Barang ngadenge pamuji anjing anu sakitu ngeunahna, gagak poho keur ngaheumheum dengdeng, ngan ngong we disada, “Gaak Gaaak” cenah. Atuh barang engab pamatukna barang pluk we dengdeng teh murag. Anjing gancang nyantok dengdeng nu murag tea tuluy dihakan di nu bala.
Gagak nu hanjakaleun mah teu ditolih. Sababaraha jongjonan gagak teh cindekul we dina dahan bari ngararasakeun teu ngeunahna ku kalakuan anjing. Manehna karek ngarti yen anjing muji bebeakan teh haying dengdeng nu keur diheumheum ku manehna.
Ti dinya mah geleber gagak teh hiber kana tangkal kai rek neangan hileud keur ganti dengdeng nu disantok ku anjing.
Kuya Ngagandong Imahna
Jaman baheula aya Kuya imah-imah di sisi muara. Gawena ngahuma, ngahumateh indit isuk datang sore magrib.
Hiji poe Kuya keur di huma, aya hujan geode bari jeung angina. Tatangkalan rarungkad imah Kuya oge kaapungkeun murag ka leuwi brus ti teleum. Sakadang Kuya sedih kacida, isukana manehna ngieun dei anu leuwih keker supaya te kabawa angina.
Hiji poe manehna balik ti hima, Kuya teh masak pikeun dahar sore. Sabot masak Kuya kacai hela, keur di cai katingali hasep ngebul dina suhunan imahna ku Kuya diburu tapi imah geus angus seneuna gede nakeranan. Kuya teh ceurik.
Keur kitu jol bae Monyet kolot. Monyet ngomong ka sakadang Kuya, “tong ceuri sakadang Kuya ngieun deui imahmah!”
“Anu matak sakadang Monyet lain sakali wae kacilakaan imah teh bareto kabawa angina. Kudu kumaha akalnanya supaya imah awet?” cak sakadang Kuya! Sakadang Monyet ngajawab, “gampang atuh, ngarah imah ulah cilakamah dibawa bae, ulah ditinggalkeun. Pek ngieun dei anu alus tur kuat ke lamun geus anggeus arang tangkodkeun kana tonggong anjeun, pantone sakira asup sirah supaya gampang ngelokeun sirah ka jero.
Eta papatah teh ku Kuya diturutkeun, saenggeus anggeus prak ditengkodkeun dina tonggongna, monyet anu memenerna. Nah ti haritamah imah sakadang Kuya teh sok dibabawa bae, digagandong.
Rincian Dongeng:
- Judulna : Kuya Ngagandong Imahna
- Bahasana : Kasar
- Palakuna : Sakadang Kuya jeung sakadang Monyet
- Watek palakuna :
Sakadang Kuya = Getol daek digawe, gampang putus asa an, te kuat kena musibah.
Sakadang Monyet = Daek babantu jeung mere saran
- Tempat/latar : Baheula dihiji kebon deket walungan
- Eusi/hikmah nu bisa di cokot :
Jadi jalma kudu getol kos sakadang Kuya tapi tong gampang putus asa jeung tong bodo. Jeung kudu daek babantu ka batur kos sakadang Monyet.
LUTUNG KASARUNG
Kacaturkeun di nagara
Pasir Batang, Prabu Tapa Ageung ti praméswari Niti Suwari kagungan putra tujuh,
istri wungkul. Nu kahiji kakasihna Purbararang, nu kadua Purbaéndah, nu
katilu Purbadéwata, nu kaopat Purbakancana, nu kalima Purbamanik, nu kagenep Purbaleuwih
jeung nu katujuh Purbasari.
Ngaraos parantos
sepuh, Prabu Tapa Ageung ngersakeun ngabagawan, badé tatapa di leuweung.
Nu dicadangkeun
ngagentos ngeuyeuk dayeuh ngolah nagara téh lain Purbararang putra cikal, tapi
bet Purbasari, putra bungsu.
Atuh munasabah baé,
Purbararang asa kaunghak. Amarahna teu katahan, asa dihina asa ditincak hulu.
Purbasari diusir ti dayeuh dibuang ka Gunung Cupu.
Kacaturkeun di
Kahiangan, Guruminda, putra déwata cikalna, titisan Guriang Tunggal, ngimpén
gaduh garwa anu sarupa jeung Sunan Ambu. Saur Sunan Ambu, “Jung, geura boro
pijodoeun hidep. Aya nu sakarupa jeung Ambu. Tapi…ulah torojogan, anggo heula
ieu raksukan…lutung!”
Janggélék Guruminda
minda rupa jadi lutung, katelah Lutung Kasarung.
Kocap deui di nagara
Pasir Batang. Prabu Tapa Ageung ngersakeun hayang tuang daging lutung. Nya
nimbalan Léngsér kudu mentés Aki Panyumpit ngala lutung ka leuweung.
Aki Panyumpit gasik
ngasruk leuweung néangan lutung. Tapi dadak sakala, leuweung jadi sepi taya
sasatoan. Bororaah sato kayaning peucang jeung lutung, sireum ogé taya nu
ngarayap cék wiwilanganana mah.
Aki Panyumpit téh méh
pegat pangharepan. Barang rék mulang, dina tangkal peundeuy bet kabeneran
manggih lutung keur guguntayangan. Ari rék disumpit, celengkeung téh lutung nyoara:
“Éh, Aki, bet kaniaya. Ulah disumpit! Kuring téh rék ngaku bapa pulung ka
Aki. Hayang betah di dunya, hayang nyaho anu dingaranan karaton.”
“Sukur atuh, sok geura
turun,” walon Aki Panumpit bengong, aya lutung bisa ngomong. Singhoréng Lutung
Kasarung téa. Déwata minda rupa turun ka dunya.
Lutung Kasarung dibawa
ku Aki Panyumpit, dihaturkeun ka karaton. Tapi barang rék dipeuncit, taya
pakarang nu teurak. Sang Lutung teu bisa dirogahala. Tungtungna mah, saur Ratu,
“Léngsér pasrahkeun baé ka anak kami, sugan butuh keur pibujangeun.”
Nya atuh ku Léngsér
dipasrahkeun ka Purbararang. Ari walonna téh bet: “Daék sotéh ngabujangkeun,
lamun jalma nu utama. Mun lalaki turunan mantri, ari lutung mah sangeuk
teuing!” Deregdeg léngsér ka putra nu kadua, teu ditampa. Ka anu katilu, nya
kitu kénéh. Pajarkeun téh, lain teu hayang nampa, ngan sieun ku Si Tétéh.
Léngsér mulang deui ka
Purbararang, pokna téh,” Nya sok baé atuh, bisi pajar nampik pasihan rama.”
Lutung kasarung tetep
di karaton. Belenyeng lumpat ngintip para mojang nu lalenjang keur ngagembrang
ninun.
Keur jarongjong ninun,
ari koloprak téh taropong Purbararang moncor ka kolong balé.
“Cing Adi,
pangnyokotkeun taropong!”
“Ih, Tétéh, apan boga
bujang lutung,” Cék Purbaleuwih.
“Cing lutung
pangyokotkeun taropong di kolong balé!”
Deregdeg lutung
lumpat. Ulang-ileng, top taropong dicokot. Ari béréwék téh dibébékkeun mani
jadi lima, sor disodorkeun!
“Jurig lutung,
taropong aing sabogoh-bogoh dibébékkeun! Léngsér! Teu sudi kami mah, anteurkeun
Si Lutung ka Si Purbasari di leuweung!”
Jut Léngsér turun,
Lutung unggeuk, tuluy nuturkeun. Lutung Kasarung ditampa ku Purbasari.
“Éh Mama Léngsér,
geunig Si Tétéh aya kénéh adilna. Kajeun lutung, tamba suwung. Kajeun hideung,
tamba keueung nu di leuweung. Kajeun goréng, tamba jempé nu nyorangan. Hatur
nuhun béjakeun ka Si Tétéh.”
Tutas haturan, Léngsér
mulang ka karaton.
Caturkeun di sisi
leuweung. Purbasari ngagolér dina palupuh sabébék, di hateup welit sajalon.
Lutung kasarung ngangres ningal kaayaan putri. Rep Sang Putri disirep.
“Utun, urang saré
jeung kaula. Kula mah banget ku tunduh!”
“Oaah, Sang Putri,
lutung mah tara saré jeung manusa, bisi geuleuheun!”
Reup Putri Purbasari
kulem tibra pisan.
“Éh, deudeuh teuing.
Putri téh nalangsa pisan. Aing rék nénéda ka Sunan Ambu, neda sapaat para
bujangga, niat misalin Sang Putri meungpeung saré,” gerentes Lutung Kasarung,
Guruminda mamalihan.
Raksukan digédogkeun,
bray baranang siga béntang, kakasépan Guruminda kahiangan. Panejana tinekanan,
sajiadna katurutan. Jleg ngajenggléng karatonna, leuwih agréng ti nagara.
Purbasari dipangku, diébogkeun dina kasur tujuh tumpang, disimbut sutra
banggala, disumpal ku benang emas. Janggélék Gurumiinda jadi lutung deui,
tapakur di sisi balé kancana.
Kabeungharan jeung
kamulyaan Purbasari di gunung kasampir-sampir ka nagara. Purbararang, nu goréng
budi ti leuleutik, nu goréng lampah ti bubudak, beuki tambah sirik, beuki
tambah ceuceub. Rupa-rupa akal dikotéktak, sangkan aya alesan keur ngarah pati
Purbasari.
Mimitna Purbasari
diperih pati, kudu bisa mendet parakan Baranangsiang, leuwi Sipatahunan. Mangka
saat sapeuting. Mun teu bukti teukteuk beuheung keur tandonna.
Ku pitulung Lutung
Kasarung, dibantu Sunan Ambu jeung para bujangga, ieu tanjakan téh laksana.
Tuluy Purbasari
dititah ngala banténg ti leuweung. Ku kasaktén Lutung Kasarung, banténg téh
katungtun ku Purbasari ka nagara.
Purbasari dipentés
nyieun pakarang tatanén étém bingkeng jeung jarum potong, jeung ditangtang
pahadé-hadé ngahuma. Geus tangtu Purbasari dibéré pasir anu pangangar-angarna,
ari Purbararang mah di tempat nu hadé. Tapi Purbasari unggul kénéh.
Rupa-rupa ékol
Purbararang, antukna Purbasari diajak pangeunah-ngeunah olahan, paloba-loba
samping, papanjang-panjang buuk, pageulis-geulis rupa. Tapi rayat jeung jaksa
nagara mutus teu weléh Purbasari anu unggul.
Tungtungna Purbararang
pinuh ku haté dir jeung ujub, ngajak pakasép-kasép beubeureuh,
Sagoréng-goréngna beubeureuh manéhna, da pubuh manusa, kakasih Indrajaya.
Sakasép-kasépna beubeureuh Purbasari, lutung.
Purbasari éléh, tenggekna
kari saketokkeun diteukteuk.
Cunduk kana waktuna,
Lutung Kasarung manggih putri panyileukanana. Putri nu sasorot jeung Sunan
Ambu, Purbasari. Lutung Kasarung ngagédogkeun raksukanana, baranyay hurung,
janggélék jadi Guruminda deui.
Indrajaya ngamuk, tapi
teu bisa majar kumaha, kaungkulan kadigjayaanana.
Purbasari ngadeg ratu
di Pasirbatang, jadi praméswari Guruminda. Ari Purbararang jeung sadérékna nu
opat deui, dihukum kudu jadi pangangon. Indrajaya mah dihukum jadi pangarit,
dibekelan arit timah. Ngan anu pangais bungsu, Purbaleuwih, anu welasan ti
baheula ka Purbasari, ditikahkeun ka Ki Bagus Lembu Halang, ciciptaan tina
raksukan Lutung Kasarung jadi papatih di Pasir Batang.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar