Standar
Kompetensi:
|
1.4 Mampu
menulis untuk mengungkapkan pikiran, perasaan, dan keinginan dalam bentuk
puisi, esai, dan teks drama.
Kompetensi
Dasar:
|
12.4.2 Menulis esai berdasarkan topik tertentu.
Indikator:
|
o
Dapat
mengidentifikasi ciri-ciri esai
o
Dapat
menentukan atau memilih topik dan tema yang tepat.
o
Dapat
merincikan pokok-pokok esai dalam kerangka karangan.
o
Dapat
membuat pembukaan dan bagian penutup yang baik.
o
Dapat
menyajikan ide, pendapat, dan simpulan, dalam bagian-bagian atau paragraf yang
jelas.
o
Dapat
menyajikan esai dengan bahasa, pemakaian kalimat, dan pilihan kata yang baik.
o
Dapat
memperbaiki atau menyempurnakan naskah karangan esai (dengan mempertimbangkan diksi, kejelasan kalimat, ejaan dan tanda baca).
D. Latihan – Nulis Éséy
Prak aeuna mah
hidep diajar nulis éséy. Eusina mah bisa perkara naon waé, kumaha karesep
hidep. Hidep bisa nuliskeun perkara basa, sastra, budaya, politik, ekonomi,
sosial, olahraga, agama, pariwisata, film, sinétron atawa nu séjénna.
Sajeroning nulis éséy, kadé
perhatikeun éjahan jeung tanda bacana.
Saréngséna
nulis tuluy pariksa deui. Bisi aya tulisan nu salah, heug oméan. Hidep bisa
ménta bantuan pikeun ngoréksi ka babaturan.
E.
Pangaweruh Basa
Dina pangajaran kagenep hidep kungsi
diajar ngeunaan parobahan harti kecap ngalegaan (generalisasi). Dina pangajaran
ieu mah urang baris diajar ngeunaan parobahan harti ngaheureutan (Spésifikasi).
Ngaheureutan (Spésifikasi) nya éta
robahna harti kecap anyar atau ambahanana leuwih heureut batan harti kecap
heubeul. Contona, kecap sarjana harti asalna ‘jalma nu luhung ku élmu, jembar
pangabisa; ayeuna hartina ngaheureutan jadi ‘gelar akademis ti paguron luhur’.
Conto
séjénna di antarana,
Bujangga : Harti
asalna → jalma pinter.
Harti kiwari
→ pangarang.
Gelas : Harti
asalna → sakur barang tina kaca.
Harti kiwari
→ alat paranti nginum.
F.
Tugas
1) Larapkeun kecap-kecap ieu di handap kana
kalimah nu masing-masing ngandung harti asal jeung ngareureutan!
1.
Sarjana
a. harti asal:
b. harti kiwari:
2.
Bujangga
a. harti asal:
b. harti kiwari:
3.
Gelas
a. harti asal:
b. harti kiwari:
2)
Paluruh deui kecap-kecap séjénna nu ngalaan parobahan harti jadi ngaheureutan!
G.
Latihan
1)
Bulan anu bisa dijadikuen tempat pamukiman
manusa mangsa ka hareup.
Kecap
pamukiman asalna tina kecap ......
a.
musim c. pamukim e. kiman
b.
mukiman d. pukim
2)
Dina sidang Internasional Astronomical Union ditétélakeun yén Pluto ogé kaasup kulawarga planet.
Kecap
kulawarga dina kalimah di luhur bisa
diganti ku kécap ...
a.
babaturan c. tatangga e. réngréngan
b.
kelompok d. bagian
4)
Astronomi elmu anu aya patalinna jeung kagiatan ngimeutan kajadian anu
lumangsung di jagatraya jeung atmosfima.
a.
imeut c. imeutan e. meutan
b.
simeut d. ngimeut
5)
Ari anu sok disebut Bulan téa, nyaéta sok caang ... tinggal tanggal 14.
a.
ngangenclang c. marabak e. nyorot
b.
ngarawangan d. pisan
D.
Nulis Éséy
Saréngséna maca conto éséy di luhur,
ayeuna giliran hidep nulis éséy.
Geura
tengetan tugasna ieu di handap!
1.
Téangan heula matérina. Naon kira-kirana anu bakal tulis;
2.
Tangtukeun judulna;
3.
Jieun rangkay karanganana sarta mekarkeun;
4.
Tukerkeun éséy meunang hidep jeung babaturan sabangku;
5. Pék silih koreksi. Benerkeun
deui kasalahanana, nepi jadi karangan nu alus.
E. Pangaweruh Sastra
Sisindiran
Sisindiran kaasup kana salah sahiji wangun
ugeran (puisi) buhun. Kecap sisindiran asalna tina kecap sindir anu maksudna
sisi. Ngomong sindir maksudna ngomong anu nyisi, henteu poksang ceplak pahang,
sangkan omongan urang karasana henteu nyenutg atawa ngagasruk ka jalma anu
diajak nyarita.
Sisindiran lain kabinangkitan urang Sunda
wungkul, tapi aya ogé di sélér bangsa séjénna, ngan beda beda nyebutnya. Di
Sunda disebutna sisindiran, di Jawa
disebut parikan, di Malayu mah pantun, di Tapanuli mah ende ende,
jeueng sajabana ti eta.
Ditilik tina wangun jeung cara
ngébréhkeunana sisindiran téh bisa dibagi jadi tilu golongan, nyaéta 1)
rarakitan, 2) paparikan, 3) wawangsalan.
1.
Rarakitan
Rarakitan téh nyaéta wangun sisindiran
anu kecap awal unggal padalisan cangkang dibalikeun
deui dina padalisan eusi, nepi ka siga
masang, ngarakit. Geura ilikan contona di handap.
Lain
bangban lain pacing 1 (cangkang)
Lain Kananga kuduna 2 (cangkang)
Lain
babad lain tanding 3 (eusi)
Lain
ka dinya kuduna 4
(eusi)
Nilik kana eusina, rarakitan téh aya anu
kaasup kana paparikan piwuruk, silih asih, jeung sésébréd.
(a)
Piwuruk
Sing
getol nginum jajamu
Nu guna nguatkeun awak
Sing getol néangan élmu
Nu guna dunya ahérat
(b)
Sésébréd
Sok
hayang nyoba ka Bandung
Sok hayang nyaho majana
Sok hayang nanya nu pundung
Sok hayang nyaho nyentakna
(c)
Silih asih
Daek
soleh ka Cinangka
Ka Cisitu mah teu purun
Daek soleh ka manehna
Ka nu itu mah teu purun
2.
Paparikan
Asalna tina
kecap parik, anu sumberna tina parek, hartina deukeut. Dina hokum sisindiran
anu padeukeut teh nyaeta sada atawa sora dina cangkang jeung eusi.
Paparikan diwangun ku opat jajar. Unggal padalisan diwangun ku delapan
engang. Jajaran
kahiji jeung kadua mangrupa cangkang, sedangkeun jajaran katilu jeung
kaopat mangrupa
eusi. Contona bisa diilikan seperti ieu.
Hampelas
rangga jati 1 (cangkang)
Palataran
babalean 2 (cangkang)
Iklas
raga sareng pati 3 (eusi)
Ngabelaan
kasaean 4 (eusi)
(a)
Piwuruk
Lauk
emas ngakan ganggeng
Disamberan ku japati
Boga emas moal langgeng
Teu cara boga pangarti
(b)
Sésébréd
Ka
kota ka tanjung siang
Ti Garut mulung rambutan
Nyarita teu kudu panjang
Bisi kaburu nundutan
(c)
Silih asih
Talingtung
talina benang
Mobil beureum diguratan
Satungtung teu acan beunang
Moal eureun disuratan
3. Wawangsalan
Aya
anu nyebutkeun yén wawangsalan téh asalna tina kecap wangsal anu lila-lila jadi
wangsul, hartina balik.
Wawangsalan diwangun ku dua padalisan;
padalisan kahiji manrupa cangkang, padalisan
kadua mangrupa eusi. Unggal padalisan matok
diwangun ku dalapan engang. Hubungan
cangkang jeung eusi ku ayana wangsal anu
murwakanti jeung kecap konci. Ilikan ieu contona:
Teu puguh monyt hideungna
Teu puguh tungtungna
Wangsalna: lutung
Geus jadi sabiwir hiji
Jadi pangaleman jalma
Wangsalna: balem
Teu beunang disupa dulang
Teu beunang dibébénjokan
Wangsalna: kéjo
Tugas
Téangan
atawa jeiun ku hidep wangun sisindiran nu séjénna, tuluy tuliskeun
masing-masing hiji (sapada)!
1.
wawangsalan
2.
paparikan a) piwuruk
b) silih asih
c) sésébréd
3.
rarakitan a) piwuruk
b) silih asih
c) sésébréd
A. Karangan
Esey
Ngungkab
Rusiah Kahirupan Di Luar Angkasa
Astronomi atawa “elmu bentang” (kecap asalna tina basa yunani
astrono bentang jeung normos = elmu) nyaeta elmu anu aya patalina jeung
kagiatan ngimeutan - nerangkeunkajadian
anu lumangsung di jagatraya jeung atmosfirna. Astronimi ngajarkeun asal-usul,
evolusi, sifat fisik jeung kimiawi benda-benda anu kajeueung di langit jeung
luareun Bumi katut proses anu ngawangku sakabehna. Cindekna ku elmu bentang, di
antarana urang bakal bisa ngintip lahirna bentang ( Evolusi bentang ) atawa
bisa nalungtik satungkebing alam semesta jeung evolusina ( jomologi ) ,
nalungtik planet jeung tata surya (elmu planet ).
Sacara ilmiah bisa ngungkab lalangse
aheng planet Mars anu salila ieu diliburkeun kungsi dipake pamukiman “makhluk
cerdas” saperti bumi anu dicicingan ku manusia, atawa bulan anu bisa dijadikeun
tempat pamukiman manusia mangsa hareup, jeung sajabana.
Sakumaha anu sok diterangkeun ku
guru-guru IPA di SMP/SMA, sistim tata surya teh diwengku ku panonpoe nu jadi
“bentang pusat peredaran” jeung 9 planet saperti Merkurius, Venus, Bumi, Mars,
Jupiter, Saturnus, Uranus, Neptunus jeung pluto.
Tapi kiwari pluto geus teu diaku
jadi kaluwarga planet deui sabada rewuan adtronom, dina sidang Interasional
Astronomical Union (IAU) di praha Agustus 2006 nyebutkeun, dina sistim tata
surya teh aya dalapan planet klasik jeung tilu planet anyar anu disebut pluton
jeung asteroid gede ceres ( objek panggedena dina sabuk asteroid nu
perenahna dianta Mars jeung Jupiter ).
Kaluarna pluto ti kulawarga planet,
sabab paraahli geus mupakat nyieun kacindekan anyar yen anu disebut planet mah
ciri-cirina teh diantarana kudu boga orbit anu ngurilingan panonpoe jeung
henteu motong orbit planet lianna. Tah ari pluto mah sabalikna, orbitna motong
orbit Neptunus.
Planet pluto anu kapanggih dina taun
1930 ku Astronom Amerika Serikat Clyde Tombough kiwari disebut “Planet Kerdil’,
benda langit anu “ngorbit” (ngurilingan) mata poe tapi motong orbit benda tata
surya linna. Tapi diantara 8.
Planet ieu anu rada aheng jeung pada
nyaritakeun mah planet Mars jeung stelit Bumi. Anu disebut Bulan tea, nu sok
caang marakbak unggal tanggal 14.
Nyien
Pamukiman Di Bulan
Sabada Neil Amstrong nyaba ka Bulan dina taun 1969, paraahli taya
reureuhna meres uteuk mekarkeun teknologi ruang angkasa sangkan bisa ngawasa
wawangkon tata surya. Katambah kupapanggihan (baca : hypotesa) paraahli
astronomi anu nyebutkeun yen bulan jeung planet Mars dina hiji mangsa bakal
bisa dicicingan ku manusia.
Sabaraha nagara anu boga teknologi
luar angkasa canggih saperti Amerika Serikat, Uni Eropa, Jepang jaung China,
terus-terusan mekarkeun program luar angkasana demi ngahontal angen-angenna
sangkan bisa ngawangun pamukiman di Bulan jaung Planet Mars.
Di antara nagara-nagara anu kasebat
di luhur, jigana Amerika pangambisina hayang ngawasa tata surya. Sabada
astronot-astronot Amerika geus hasil markirkeun Apolona di Bulan dina ahir taun
1960-an jeung awal 1970-an.
Presiden George W. Bush dina
pidatona taun 2004 geus nyabit-nyabit visi-misi eksplorasi ruang angkasa
nagarana. Hal eta direspon ku NASA anu dina taun 2020 geus giling ngirimkeun
deui Astronotna ka Bulan make pesawat generasi anyarna anu disebut Orion,
bejana bakal diteraskeun taun 2024 arek ngawangun “pamukiman permanen” di
Bulan.
Tapi naha bener manusia bisa hirup
di Bulan? Tangtu nagara maju sakelas Amerika mah geus tatahar ti anggalna
nyiapkeun alat-alat sapuratina pikeun ngungkulan cara-cara di Bulan anu
kaayaannya kacida walurat jeung haraharaeunana (ekstrim).
Nurutkeun paraahli sabenerna kaayaan
di Bulan teh kacida waluratna jauh tanah ka langiit lamun dibandingkeun jeung
kaayaan di Bumi anu ideal dicicingan ku manusia mah. Kaayaan di Bulan mah
angar, jauh tina kasuburan jeung pinuh ku babatuan.
Kayaan wanci di Bulan ge kacida
matak ngabahakeunana, geuning lamun tibeurang, di urang mah bisa genah moe
tonggong dina wanci haneut moyan malah mah kuat keneh moe pare tengah poe
ereng-erengan, tapi di Bulan mah lamun urang katojo ku panonpoe teh bakal
garing jiga kere bakat ku panas-panasna, kitu deui lamun kaiuhan.
Taya mendingna cicing di Bulan mah,
lantaran hawa bakal kacida tirisna dataran Bulan ge kacida ekstimna, sabab di
Bulan mah taya “atmosfer” jeung “medan magnet” tanpa pakean husus, manusia
bakal ngalayang badis langlayangan kapakan mumbul ka awang-awang.
Di Bulan panon poe bisa laluasa
nyorotkeun “sinar kosmik” jeung “partikel energetikna” kana taneuh Bulan anu
akibatna bakal ngajadikeun bahaya radiasi “partikel neutron” anu ngabahayakeun
manusa. Mahluk hirup model manusa tanatu butuh oksigen jeung cai keur hirupna.
Naha di Bulan aya cai jeung oksigen?
Kawasna sual oksigen mah bisa di bantu ku alat-alat canggih bawa ti Bumi, tapi
masalah cai mah kudu di pikiran deui. Hadena hasil panalungtikan “Clementine”
taun 1994 jeung Lunar Prospektor (pesawat tanpa awak Amerika) mere indikasi
kuat yen di sahandapeun 2 kutub Bulan (Kutub Kidul jeung Kutub Kaler) aya
sumber cai anu mangrupa es. Tapi kapastian ayana deposit es di kutub Bulan rek
di buktikeun ku Lunar Re Connaissance Orbiter taun 2008.
B. Latihan
maham eusi esey
1.
Nu
dimaksud Astronomi atawa “elmu bentang” teh naon?
2.
Perkara
naon anu diajarkeun dina Astronomi?
3.
Bisa
naon wae lamun urang ngawasa elmu bentang?
4.
Ngawengku
naon wae ari sistim tata surya”
5.
Naon
sababna kiwari Pluto geus teu diaku jadi kulawarga planet deui?
6.
Naon
wae anu kaasup kana planet anyar teh?
7.
Saha
anu nyaba ka bulan dina taun 1969?
8.
Nagara
mana wae anu boga cita-cita hayang ngawangun pamukiman di Bulan jeung Planet
Mars?
9.
Naon
rencana Amerika dina taun 2024?
10.
Naha
hirup di Bulan kacida waluratna?
C. Pedaran Esey
Wacana
diluhur kaasup kana jenis karangan esey. Esey kaasup jenis karangan anu eusina
medar hiji perkara. Perkarana nu di pedar bisa naon bae. Luyu jeung kahayang
nunulisna. Upamana wae ngeunaan elmu pangaweruh, politik, teknologi, jeung
sajabana, gumantung kana karep nunulisna .
perkara anu di pedar dina esey teu
sakabehna pamanggih nunulis, tapi oge didadasaran ku teori atawa di tambahan ku
pamanggih batur.
Nunulis karangan esey ngabogaan
tujuan, nya eta nepikeun informasi atawa beja sangkan dipikanyaho ku nu maca.
Informasi nu kumaha? Informasi anu ditulis dina wangun esey enya eta anu
dianggap anyar, penting, jeung ngirut (menarik) keur balarea.
Hal naon wae anu kudu dirarancang ku
urang samemeh nulis esey, geura tengetan ieu dihandap!
1.
Ngumpulken
bahan kucara maca rupa-rupa buku, koran, majalah, atawa mun perlu bisa ku
wawancara atawa survey.
2.
Nangtukeun
naon pijuduleunana. Judul teu kudu panjang, pondok tapi ngagambarkeun pasualan
nu dipedar
3.
Nyusun
rangkay karangan sangkan dina medarna merele jeung puguh heula pandeurina.
4.
Mekarkeun
eta rangkay karangan nepi ka jadi karangan anu gembleng.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar